Hujan Janari pamungkas Puasa
Ngaririncik janari
Matak waas
Nineneung ku sawangan
Asa nungelis
Lieuk kana jam
Gening ges manggih waktu
Poe nu anyar
Pamungkas puasa
Lain manusa wae
Nu sedih bakal papisah
Sihoreng langit nyengcerikan
Bakal panggih deui moal
Jeng Romadhon kaharep
Hujan janari
Pamungkas puasa
Isukan urang bakal
Ngarayaken Lebaran
Silih hampura
Silih bagi kabagjaan
Poe nu pinuh ku fitri
Taqobal mina Waminqum
Minal Aidzin Walfaidzin
Hampura Lahir jeung Bathin
Urang teu bisa luput tina salah
Urang pasti ngalakonan dosa
Poe nu jembar pangampura
Urang silih lubarken
Urang silih hampura
Hujan raat pas dek nincak imsak
Subuh bakal datang
Sapoe deui puasa panganggeusan
Cacapken sabulan
Piken bekel engke jaga
Di alam masyar
Hujan Janari 9 April 2024
29 Romadhon 1445 H
Pujangga Renta
Irsyamba